Sabtu, 03 November 2018

Emak dan Gareng, episode: Gareng dititah nyeseuh ka wahangan

EMAK DAN GARENG

episode: Gareng dititah nyeseuh ka wahangan


Dina hiji poe, hirup sajalmi anu ngaranna Gareng nu nami lengkapna Nala Gareng, ngan masyarakatna leuwih reuseup nyebut "Gareng".
Gareng nyaeta punakawan anu sukuna pincang, goreng gaduh sipat kos kawula nu sok ati-ati dina bertindak.

Dina hiji poe si gareng dititah ku ema na, dititah nyeseuhan baju di wahangan.

emak: Gareng.................bantuan emak nyesehan acuk dina wahangan

gareng: sakedap mak, gareng nuju di jamban

emak: tong lami-lami teuing di jamban teh, tong mikiran si lela wae,leuheung eta ge jadi

gareng: nya atuh mak, tong sok mamawa si lela wae, sakedap deui ge beres ma

emak: emang maneh teh keur naon atuh gareng???

gareng: eh........emak mah sok tara ngarti wae

emak; emangna naon deuih??? ngalieurkeun kolot wae

gareng: keur modol mak, gareng teh keur modol mak

emak: pantes atuh titatadi aya bau-bau nu teu pigenaheun dina irung emak. buruan atuh gareng gera ka wahangan, bisi kaburu hujan badag

gareng: enya ema, iyeu tos rengse, mana atuh sesehanna? ning loba ma???

emak: tong sok nawar geura, indit we atuh

gareng: enya ema.......

Akhirna si gareng indit ka wahangan, nyaleseykeun sesehan nu loba eta di wahangan.